Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Bulan Dzulhijjah tentang Taqwa dan Akhlak Pendek, Link Download PDF DI SINI

- 6 Juli 2023, 14:35 WIB
Iliustrasi - Teks khutbah Jumat Bahasa Sunda Bulan Dzulhijjah tentang Taqwa dan Akhlak versi pendek.
Iliustrasi - Teks khutbah Jumat Bahasa Sunda Bulan Dzulhijjah tentang Taqwa dan Akhlak versi pendek. /unsplash.com/ @masjidpogungraya

Jamaah sholat jum’ah hafidhokumulloh

Definisi anu umum dipahami publik éta mémang henteu kaliru, tapi lain berarti sampurna. Pangartian ieu masih didominasi ku kacenderungan ngaronjatna ibadah ritual wungkul. Segi ma'siat ogé saolah-olah diidentikkeun jeung pagawéan lahiriah samata. Padahal, dina diri manusa aya dua hal anu kudu diperhatikeun, nyaéta dimensi dhohir jeung dimensi bathin.

Ku sabab kitu urang perlu ngarujuk kana definisi takwa sakumaha dijelaskeun Sayyid Al Bakri bin Sayyid Muhammad Syatho Ad Dimyathi dina kitab Kifayatul Atqiya’ wa Minhajul Ashfiya’. Anjeuna nyaurkeun yén takwa téh:

عِبَارَةٌ عَنِ امْتِثَالِ أَوَامِرِ اللهِ، وَاجْتِنَابِ نَوَاهِيْهِ ظَاهِرًا وبَاطِنًا، مَعَ اسْتِشْعَارِ التَّعْظِيْمِ لِلهِ، الهَيْبَة وَالخَشْيَة وَالرَّهْبَة مِنَ الله

"(Takwa nyaéta) istilah anu ngacu kana dilaksanakeunna paréntah-paréntah Alloh jeung dijauhanna larangan-larangan-Na sacara dhohir jeung bathin, dibarengan ku ikhtiar ngarasakeun kaagungan Alloh, ajrih ogé sieun ku Alloh.”

Jamaah sholat jum’ah hadâkumulloh
​​​​​​​
Paling henteu aya opat rukun takwa anu kudu dipibanda jeung dilaksanakeun ku urang sadaya sangkan bisa ngahontal darajat muttakin sajati:

Kahiji élmu, kadua amal, katilu ikhlas jeung kaopatna al akhlak al karimah.

Élmu wungkul percumah upama teu diamalkeun, pon kitu sanajan élmu dibarengan amal ogé euweuh hartina lamun teu ikhlas. Élmu diamalkeun bari dibarengan ikhlas ogé masih can nepi kana takwa anu sajati upama teu ngabuah al akhlak al karimah, sabab justru kangjeng Rosul diutus ka muka bumi ieu ogé pikeun nyampurnakeun akhlak anu hadé.

Baca Juga: Terjun! Harga Emas Antam Hari Ini di Pegadaian Turun: Produk UBS Jumat, 30 Juni 2023 Naik atau Turun?

Pidawuh Nabi:

إِنَّمَا بُعِثْتُ لأُتَمِّمَ مَكَارِمَ الأَخْلاقِ

"Saéstuna kami diutus téh wungkul pikeun nyampurnakeun sahadé-hadéna akhlak". (HR. Al-Baehaki).

Mudah-mudahan ku ngalaksanakeun kawajiban puasa ieu urang bener-bener bisa ngahontal katakwaan ka Alloh SWT ku jalan ngalaksanakeun opat rukun takwa tadi, nyaéta: élmu, amal, ikhlas sarta ngabuah akhlak anu hadé. Aamin yaa robbal 'aalamiin.

Halaman:

Editor: F Akbar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah